SYARE'AT, TAREKAT JEUNG HAKEKAT



PERTELAANNANA ELMU SYARE'AT, TAREKAT JEUNG HAKEKAT

SYARE'AT

Ari syare'at teh nyaeta:

al-ahkaamul munazzalatu 'alaa rosuulillaahhi sholalloohhu 'alaihhi wa sallam

"Pirang-pirang hukum anu diturunkeun ka Rosululloh saw."



Anu maham kana eta hukum teh para Ulama, boh tina Qur'an atawa Hadits. Boh tina enas atawa istinbath.



TAREKAT


Ari tarekat teh nyaeta:

'amalu bisysyarii'ati

"Ngamalkeunnana syare'at",

jeung nyandak kana perkara anu pangpentingna, jeung ngajauhan tina gampangna dina perkara anu henteu pantes digampangkeunnana, jeung ngajauhan tina perkara paharaman jeung pamakruhan, jeung ngalakonan pirang fardlu anu kaduga tina pirang pasunatan di bawah pemeliharaannana Guru anu Arif tegesna ma'rifat ka Alloh, nyaeta ahli nihayah, tegesna Mursyid.

Atawa harti tarekat teh nyaeta:


ijtinaabul manhhiyyaati zhoohhiron wa baathinaa

"Ngajauhan tina sakabeh anu dicegah dhohir bathinna",

jeung numutkeun ka Pamarentah Gusti Alloh menerut kemampuhannana, ngan henteu aya jalanna atawa obatna iwal ti ku ngalobakeun dzikir ka Alloh Ta'ala.



HAKEKAT


Ari Hakekat teh nyaeta:

takholliin nafsi 'ang rozaa-ilil akhlaaqi

"Nngaberesihkeun nafsu tina kotorna akhlaq",

jeung mapaesan nafsu ku pirang-pirang sifat anu dipikaridlo ku Pangeran, jeung ku akhlaq anu hade, sakira-kira kaayaan nafsu teh gampang migawe amal anu sholeh jeung gampang migawe kana amal anu hade, sahingga teu aya kacapean, balik ta lamun manehna ninggal tea mah kana amal heunteu diturut ku nafsuna.

Saenya-enyana, ari hakekat teh eta buahna tarekat.

Jeung saenya-enyana, kalakuan misti keur jalma anu ngambah jalan ka akherat kudu ngumpulkeun antarana ieu anu tilu, jeung ulah arek ngosongkeun hiji perkara tina ieu nu tilu perkara, karana saenyana Hakekat anu henteu make Syareat eta batal, jeung saenyana Syare'at anu henteu make Hakekat eta kosong.



Dawuhan Imam Maliki r.a:

mang tasyarro'a wa lam yatahaqqoq faqod tafassaqo wa mang tahaqqoqo wa lam yatasyarro' faqod tazangdaqo wa mang jama'a baynahhumaa faqod tahaqqoq

"Sing saha jalma anu migawe Syare'at tapi henteu ber-Hakekat, eta hukumna Faseq, tegesna dosa gede. Jeung saha jalma migawe hakekat tapi henteu ber-Syare'at, eta hukumna Jindiq. Sing saha jalma nu ngumpulkeun migawe syare'at jeung hakekat, mangka eta jama nyata benerna".



Ari Syare'at eta saperti jasad.

Ari Tarekat eta saperti nyawa.

Ari Hakekat eta saperti rasa.

Ari syare'at jeung hakekat eta dua-duana mulajamah, tegesna henteu bisa dipisahkeun, saperti talajumna kai jeung cai, atawa jasad jeung nyawa.


***