Ulah Nyalahkeun Kana Tarekat



MATAK KUFUR KA JALMA ANU NYALAHKEUN KANA TAREKAT


Dawuhan Syekh Sufiyah:

yaa ahhlazh zhoohhiri laa taj'aluu hujjatan 'alaa ahhli baathini li-annahhum ghozluhhum roqiiquw wa fahhmuhhum roqiiqun 'ibaarotuhhum laa yamfahhum ghoiruhhum

"He, ahli dhohir, tegesna ahli syare'at atawa ahli fiqih, ulah rek wani-wani maraneh ngahujjah ka ahli batin, nyaeta ka ahli tarekat, lantaran ahli batin mah tarucingna lemes,
pahamna jero, ibaratna moal ka paham lamun lain ku ahlina deui".



Dawuhan ulama Sufiyah:

wa iyyaaka ing taquula thoriiqotush shuufiyyati laisa 'alaihhaa kitaabuw wa laa sunnatum fa-innahhuu kufrun li-annahhaa akhlaqum muhammadiyatuw wa sairotun ilaahhiyyah

"Kudu sieun maneh ngucapkeun atawa nyebut-nyebut yen tarekat tasawwuf teh euweuh tina Qur'ana atawa tina haditsna. Mangka tah eta kitu teh matak kufur, lantaran tarekat teh akhlak Kangjeng Nabi Muhamad saw, jeung kalakuan anu dipikarido ku Pangeran".



Dawuhan Ibnu hajar dina Sarah Minhaj tina Kitab Riddah:

"Eta teh
Matak pegat Islam, atawa omongan matak kufur, lantaran dihaja, atawa lantaran nenjo anu nembongkeun kabencian. Ngan lamun katalanjuran lisan, atawa dipaksa, eta mah henteu matak naon-naon, ngan meunang doraka, tegesna sakadar dosa gede".



Dawuhan Syekh Romli dina Kitab Fatawil Khoiriyah:

wa haqiiqotu maa 'alaihhish shuufiyyatu laa yungkiruhha illaa kullu nafsing jaahhilatin ghooniyyah

"Ari hakekatna mah ka ahli tasawwuf moal aya anu ingkar, kajaba jalma-jalma anu banget bodona".



Dawuhan sapalihna deui ahli tasawwuf:

"Di mana-mana manehna nenjo atawa manggihan jalma-jalma anu nyalahkeun
atawa benci kana tasawwuf, atawa ka ahli padzikiran, kudu kabur maneh ti eta jalma, saperti kaburna maneh tina meong. Jeung kudu ngahereng maneh ka eta jalma, tegesna ulah dihadean, karena henteu aya elmu anging sok tumiba sakapeng henteu butuh kana eta elmu dina sawaktu-waktu, anging elmu tasawwuf tegesna elmu tarekat dzikir. Mangka henteu mikasugih, tegesna butuh si jalma dina hiji waktu jeung pirang-pirang waktu, cara keur kumaha bae, malah usik malikna, nangtung diukna, sare jeung nyaringna oge kudu make tasawwuf atawa tarekat dzikir".


Dawuhan Alloh dina Al-Qur'an:

fadzkurulloohha qiyaamaw wa qu'uudaw wa 'alaa junuubikum

"Kudu areling maraneh ka Alloh, boh keur nangtung, boh keur diuk, boh keur nyangkere".
(An-Nisaa 102)


***