Guguru Dzikir



DZIKIR KA ALLOH HUKUMNA WAJIB


Ari dzikir ka Alloh eta hukumna wajib 'aen.

Dawuhan Alloh dina Al-Qur'an:

yaa ayyuhhal ladziina aamanudzkurulloohha katsiiroo

"Heh, jalma-jalma anu ariman, kudu dzikir maraneh ka Alloh kalawan dzikir nu saloba-lobana".
(Al-Ahzab 41)



Dawuhan Syekh Tastari:

wadzdzikrul katsiiru allaa yangsaahhu abadan

"Ari dzikir nu loba teh nyaeta anu henteu aya poho salawasna".


Dawuhan Imam Thoriqot Syadziliyyah:

adzdzikru ruknung qowiyyum fii thoriiqil qoumi bal huwal 'umdatu laa yashilu ahadun ilalloohhi illa bidzikri

"Ari dzikir teh rukun anu kuat dina thorekat ahli tasawwuf atawa tihangna, malah moal wusul salah saurang ka Alloh-tegesna moal ma'rifat ka Alloh-anging ku dzikir".



Dawuhan Ibnu 'Abbas ra:

kullu 'ibaadatim fardlohhaalloohhu ta'aalaa ja'ala lahhaa wa qutam makhshuushow wa 'udzdzirol 'ibaadu fii ghoiri aw qootihha illaadzdzikro lam yaj'alillaahhu lahhu waqtam makhshuushon

"Sakur-sakur ibadah anu dipardukeun ku Gusti Alloh aya waktu khusus tur bisa dihampura si abdi dmana ngalakonan dina lain waktuna karana aya uzur, anging dzikir eta henteu diayakeun ku Alloh ka si abdi waktu nu tangtu".



Dawuhan Alloh Ta'ala:

udzkurulloohha dzikrong katsiiroo

"Dzikir maneh ka Alloh ku dzikir anu loba".
(Al-Ahzab 41)



Dawuhan Alloh Ta'ala:

fa-idzaa qodloitumush sholaata fadzkurulloohha qiyaamaw wa qu'uudaw wa 'alaa junuubikum

"Di mana maraneh rengse sholat, mangka dzikir maraneh ka Gusti Alloh, bari nangtung, bari diuk, jeung bari nyangkere".
(An-Nisaa 102)



Salah saurang unjukan ka Rosululloh saw:

yaa rosululloohhi katsurot 'alayya sya'aa-irul islaami fa-awshinii bi-amri adriku bihhii maa faataanii wa awjiz faqoola laa yazaalu lisaanuka rothbam bidzikrillaahhi

"Ya Rosululloh, parantos seueur si'ar islam ka jisim abdi. kumargi kitu mugia Gusti ka abdi masihan wasiyat ku hiji perkawis dimana abi nunda eta padamelan tiasa kasusul deui ku abdi, sareng mugi Gusti ngaijazahan ka jisim abdi".

Dawuhan Kangjeng Nabi:

"Ulah petot-petot lisan maneh sing baseuh ku dzikir ka Alloh".



Ngadawuh Rosululloh saw:

law anna rojulam fii hijrihhii daroohhimu yuqsimuhhaa wa aakhoru yadzkurulloohha lakaanadz dzaakirulloohhi afdlolu

"Saenya-enyana hiji lalaki dina tempatna ngabogaan pirang-pirang dirham, tuluy kumanehna eta dirham dibagikeun ka fakir miskin, ari anu saurang deui mah ngan
dzikir ka Alloh, eta leuwih utama batan boga dirham dibagi-bagikeun ka fakir miskin".



Dawuhan Rosululloh Saw:

alaa unabbi-ukum bikhoiri a'malikum wa azkaahhaa ingda maliikikum wa arfa'ihhaa fii darojaatikum wa khoiril lakum min imfaaqidz dzahhabi wal waroqi wa khoiril lakum min ang talqow 'aduwwakum fatadlribuu a'naaqohhum wa yadlribuu a'naaqokum qooluu wa maa dzaaka yaa rosuulullooh? qoola dzikrillaahh

"Hei eling-eling, kaula
ngabejaan ka maraneh kabeh ku pangalus-alusna amal maraneh, jeung pangberesih-beriesihna amal mungguh Nu Ngaratuan, jeung pangluhur-luhurna amal dina darajat maraneh, jeung leuwih alus ka maraneh kabeh batan nganapakohkeun mas-perak, jeung leuwih alus ka maraneh batan papanggih jeung musuh maraneh, tuluy maraneh neunggeul kana sirah musuh maneh ku pedang, jeung musuh nareunggeul kana sirah maraneh".

Naros para sahabat:
"Naha naon ya Rosululloh, amal nu pangsae-saena teh?".

Dawuhan Kanjeng Nabi:
"Dzikir ka Gusti Alloh".


***