Syarat Dzikir Jahar



DZIKIR JAHAR ANU MAKE SYARAT BISA NGALEULEUSKEUN HATE ANU TEUAS


Ari pirang-pirang syaratna dzikir jahar eta aya tilu, nyaeta:

ayyakuunadz dzaakiru 'alaa wudluu-ing tammiw wa ayyudzkaro bidlorbing syadiidiw wa showting qowiyyin hatta tahshula anwaarudz dzikri fii bawaathinidz dzaakiriinawatashiiro quluubuhhum ahyaa-a

"1. Kudu kabuktian dzikirna teh tina boga wudlu anu sampurna.
2. Dzikirna teh kalawan neunggeulkeun anu tarik.
3. Sorana anu kuat, nepi kabisa ngahasilkeun cahaya dzikir dina batinna jalma-jalma anu dalikir sahingga nepi kajadi hatena jalma nu dzikir teh hirup".



Dawuhan Alloh nu hartosna:

laa yadzuuquuna fiihhaal mauta illaal mautatal uulaa wa waqoohhum 'adzaabal jahiimi

"Ari jalma mu'min eta moal ngarasakeun maot anging maot di dunyana, sarta ngaraksa Alloh tina siksa naraka jahim".
(Ad-Dukhon 56)



Dawuhan Kangjeng Nabi saw:

almu'minuuna laa tamuutuuna bal yungqiluuna ming daaril fanaa-i ilaa daril baqoo-i

"Ari jalma-jalma anu mu'min eta henteu maot, balik ta parindah bae tina tempat anu ruksak kana tempat anu langgeng".


Dawuhan Kanjeng Nabi saw:

muutuu qobla ang tamuutuu wa man arooda ay yangzhuro ilaa mayyitiy yamsyii 'alaa wajhhil ardli falyangzhuru ilaa abii bakring rodliyalloohhu

"Kudu maraot maraneh samemeh maneh maot. Sing saha jalma nu ngarepkeun hayang ningali ka mayit nu leumpang di luhur bumi, tingali bae Abu Bakar Sidik r.a".


Ari nu jadi sabab dzikir jahar pangna kudu tarik, lantaran saestuna manusa teh hatena lir ibarat batu.

Dawuhan Alloh Ta'ala:

tsumma qosat quluubukum mim ba'di dzalika fahhiya kalhijaaroti aw asyaddu qoswataa

Tuluy teuasna hate maraneh kabeh tina saba'dana narima nasehat, lir ibarat batu, malah leuwih teuas batan batu".
(Al-Baqoroh 74)



Sedengkeun batu moal beulah anging kudu kuat neunggeulkeun paluna, nyakitu hate moal tereh peupeusna anging
kudu kuatna sora dzikir jeung paneunggeul anu tarik, karana saenya-enyana dzikir moal tapakan dina ngumpulkeun paburantak hate nu ngabogaan dzikir, anging kudu ku kuatna sora dzikir.


Dawuhan Syekh Ibrohim Al-Matbuli r.a:
"Kudu narikkeun maraneh kana sora dzikir nepi ka ngahasilkeun ka maraneh jam'iyat, tegesna gembleng ati saperti ahli ma'rifat. Ari jam'iyat teh nyaeta narima kumpulna sagala ingetan disanghareupkeun ka Alloh jeung ngajauhan tina lurat-leret ka lian ti Alloh. Sarta wajib ka murid-murid tarekat nu tarap belajar kudu narikeun soarana dina dzikir, nepi ka eta sora teh ngadobrak kana hijabna hate saperti 'ujub, riya jeung sabangsana".



Parantos ngadawuh Ulama ahli Tasawwuf:
"Di mana-mana si murid dzikir ka Pangeran kalayan bari tarik sorana
jeung bari pengkuh, tegesna henteu nyoledat neunggeulkeunnana eta sora, mangka dikumpulkeun ka manehna pirang-pirang maqom tarekat kalayan gancang henteu kendor, mangka terkadang bisa ngarampungkeun dzikir teh dina lalakon sajam kana barang anu moal bisa
rampung ku salian ti dzikir dina lalakon sabulan atawa leuwih".



Dawuhan Imam Bukhori dina kitab shohehna tina bab dzikir saba'da sholat fardu:
"Nyarioskeun deui ka kaula Ishak Ibnu Abdurrohman, anjeuna nyarios deui ka kaula nampa carita ti Jurej, ceuk Jurej kaula oge nampa ti Umar, saenya-enyana Aba Ma'bad Maula Ibnu Abbas r.a nyarios: narikkeun soara dina dzikir nalika rengsena jalma-jalma tina sholat fardlu eta teh geus ka buktian dina zaman Kangjeng Nabi Muhamad saw. Dawuhan Ibunu Abas: malah kaula oge leuwih nyaho nalika Sahabat-Sahabat ngamalkeun eta dzikir ba'da sholat, malah kaula ngadengekeun".


***