Syaratna Jadi Guru



ANU SYAH DIJIEUN GURU


Ari anu syah dijieun Guru eta seueur syarat-syaratna, ngan tina sapalihna bae, nyaeta:

1. Kudu 'Aliman, tegesna ngarti kana hukum syara', saperti ilmu fikih sarta 'aqoid nu dipikabutuh ku murid-murid anu masih di ajar.

2. Kudu 'Arifan, tegesna uninga kana kasampurnaan hate jeung ngubarannana eta hate.

3. Kudu Roufun, tegesna welas-asih ka muslimin umumna sareng ka murid-murid khususna.

4. Kudu Satiron, tegesna tiasa nutupan kana kawirang murid-muridna.

5. Kudu Najihan, tegesna ulah mikabita kana hiji perkara barang nu aya di murid.

6. Kudu ulah guguyon atawa heureuy jeung murid-murid anging dina waktu butuh.

7. Kudu Sofiyah, tegesna bersih dina nyariosna, henteu dibarengan ku hawa nafsu.

8. Kudu Pon Dzakiron, tegesna nyarita jeung murid-muridna teh iwal ngajak eling ka Alloh.

9. Samihan, tegesna laer aisan.

10. Ma'dunan, tegesna geus diijinan ku Guruna pikeun mere ijazah kanu sejen.


Tina sapalihna katerangan disebatkeun:

famal Laa syaikho Lahhu yursyiduhhu pamursyiduhhusy syaithoonu

"Sing saha jalma anu henteu boga guru anu nuduhkeun ka manehna, mangka guruna teh syetan".


Ari guru anu arif, tegesna geus ma'rifat atawa mukasyafah, anu geus wushul ka Alloh, eta wasilahna murid keur nepikeun ka Alloh, malah jadi lawang pikeun asup kana ma'rifat ka Alloh.

Kulantaran kitu ayeuna kauninga, saenya-enyana kalakuan henteu meunang ngamimitian pikeun ngalap be'at, tegesna mere ijazah ka murid-murid, anging kudu saba'da
tarbiyah, tegesna dilantik sarta dibere idzin ku guruna, tegesna Hirqoh Sufiyah, sareng surat tanda idzin nyaeta piagam, sakumaha dawuhan para Imam Rohimahumuloh, karana henteu samar deui sing saha jalma nu wani-wani ngamimitian mere ijazah dzikir bari manehna teh lain ahlina kana mere eta ijazah, tegesna henteu meunang idzin ti guruna, eta manehna ngaruksakna kana tarekat leuwih loba batan ngamaslahatkeunnana, malah tetep ka manehna dosana jalma anu ngabegal di jalan, sabab megatkeun tarekat, sarta manehna harita keneh dipecat tina
martabat murid Shodiq, tegesna anu bener, sumawona tina martabat guru 'Arifin.


***