Pertingkahna Dzikir Jahar Jeung Dzikir Khofi



PERTINGKAHNA DZIKIR JAHAR


Ari pertingkahna dzikir jahar teh nyaeta kudu ngamimitian jalma anu dzikir ku ngucapkeun kalimah "LAA" tina handapeun bujal, terus diembatkeun eta kalimah LAA teh sing nepi kana uteuk nu aya dina sirah.

Geus kitu, mimitian deui saba'dana ngucapken LAA teh ku ngucapkeun
"ILAAHHA" tina kawitan uteuk kalayan diciptakeun, tuluy diturunkeun eta kalimah ILAAHHA teh sing nepi kana walikat nu katuhu.

Geus kitu, kawitan deui saba'dana ti eta ku hamjahna
"ILLALLOOHH" Kalawan
diciptakeun tina walikat katuhu, tuluy diembatkeun eta kalimah kalawan diturunkeun kana kursina dada, sahingga nepi kana ati sanubari nu aya dina gigir beulah kenca handapeun tulang gigir jeung tikatuhu, tuluy teunggeulkeun kalimah jalalah sakuat ambekna anu dipengkek kana hihideungna hate, nepika tapakan ku panasna eta dzikir kana sakabeh, kalawan bisa ngaduruk kana sakabeh babagian anu ruksak dina badan, tegesna tina pirang-pirang juzna anu maslahat, kalawan wasilah ayana cahayana lafadz jalalah.

Sanggeus kitu, tuluy edarkeun eta dzikir teh sina ngaliputan kana sakabeh lathifah-lathifah nu aya dina badan, sarta ngalirik kana ma'na tahlil, tegesna henteu aya nu dimaksud anging Alloh.


***

PERTINGKAHNA DZIKIR KHOFI

Ari pertingkahna dzikir Khofi nyaeta nungkulkeun sirah sina meneran kana hate bari meureumkeun panon sarta letah ditikelkeun kana lak-lakan, bari pengkek ambekan, tuluy ucapken kalimah ALLOH sina langgeng dina hate, sina ngalindih eta kalimah kana sakabeh, sahingga sepi ka puncak himmah ingetan manah, mangka tangtu bakal muka ka maneh tina panto ma'rifat ka Pangeran.

***