Adab Murid Ka Guru



TATA KRAMA MURID KA GURU


Ari tata krama murid ka guruna eta kacida lobana, tina sapalihna bae, nyaeta:

1. Kudu ngahurmat si murid ka guruna, jeung ngagungkeun ka guruna dohir batin.

2. Kudu masrahkeun dirina, tegesna rido ngahidmah ka guruna, naon panitah jeung panyarekna kudu diturut.

3. Ulah rek ngalawan atawa nyalahkeun kana perkara nu didamel ku guru.

4. Ulah kabuktian ririungan jeung guruna ngamaksud hiji perkara iwal ti taqorub ka Alloh.

5. Ulah rek mulitik kana tingkah guru.

6. Kudu ngajaga ka guruna nalika keur euweuh kudu saperti keur hadir, sarta kudu ngalirik ku hate dina sakabeh perkara boh keur nyaba atawa keur di imah, supaya meunang berkah.

7. Ulah nyumputkeun perkara ka guruna tina Ahwal Khowatir atawa mukasyafah atawa karomat anu dipaparinkeun ku Alloh ka manehna.

8. Ulah wani-wani na'bir kana perkara anu dhohir dina impian atawa mukasyafah anging kudu diunjukkeun heula ka guruna, sarta didagoan jawabannana. Lamun guru nanyakeun hiji masalah ulah waka gancang ngajawab, sanajan bisa.

9. Ulah ngabukakeun rasiah guruna, sanajan aya nu maksa.

10. Ulah ngawin istri patilasan guruna, boh nu ditalaq atawa nu ditinggalkeun maot.

11. Ulah nyieun isyarat ka guruna di mana eta guru mere isyarat ka manehna, balik ta kudu menta nasehat ka guruna, sarta kana kasampurnaan adab sarta guruna.

12. Kudu ngahurmat ka kulawargina guru, supaya condong manehna ka eta murid.

13. Di mana murid manggih kaanehan dina dirina jeung boga rasa alus kana tingkahna, kudu dicaritakeun ka guruna, supaya ditudukeun obatna, sabab lamun disumputkeun akibatna matak jadi riya jeung munapek dina hatena.

14. Kudu nganggap gede jeung berharga kana naon-naon nu dipasihkeun ku guruna, jeung ulah hayang ngajual atawa dibikeun deui ka batur.

15. Ulah ngurangan 'itiqad kapercayaan ka guruna ku sabab ninggal dina maqom guruna kurang apik atawa loba sare dina waktu sahur, sabab Gusti Alloh sok nibakeun ka sawarehna walina kana lalawora dina waktu poho engke dina waktu eling ka Alloh ngahudangkeun ka manehna dina waktu keur sajero poho.

16. Ulah loba nyarita di hadireun guruna, sumawona loba heureuy, anging ngalobakeun khusu' jeung khudu'.

17. Kudu ngalonkeun soara di majlis guru, sabab narikkeun sora teh Su'ul Adab.

18. Ulah diuk cangogo atawa nagog di payuneun guru, sarta ulah
wani-wani diuk dina sajadah guru, balik ta kudu boga rasa hina jeung hidmat, sabab hidmat teh pangalus-alusna amal.

19. Kudu gagancangan kana panitah guruna tanpa dipikir heula, sarta ulah nunggu kana perkara anu sejen.

20. Kudu kabur tina perkara anu dipikangewa ku guru.

21. Ulah ririungan jeung jalma-jalma anu dipikangewa ku guruna, jeung kudu mikaresep ka jalma anu dipikaresep ku guruna.

22. Kudu sabar tina pangwarahna guru, upama teu ditanya teu ditakon ulah nyebut kieu: naha ari ka si anu mah guru teh anu, ari ka awak kuring mah kieu.

23. Ulah wani-wani diuk dina tempat anu parantos dicawiskeun kanggo guru.

24. Ulah nukil atawa mindahkeun tina dawuhan-dawuhan guru diharepeun manusa anging kudu ngukur kana paham jeung akalna eta manusa-manusa.


***