Dzikir Alat Keur Mukakeun Lawang Hate



HATE ANU MUKA SUMBER KAHADEAN


Parantos ngadawuh para ahli tasawuf:

wa qooluu man arodalloohhu bihhii khoirom fataha lahhu qufla qolbihhii waja'ala fiihhil yaqiin.

"Sing saha jalma nu ngersakeun Gusti Alloh ka eta jalma kana hade, mangka ngabukakeun Alloh kana tutup hatena, jeung ngajadiken Alloh dina hatena kana yakin".



Dawuhan Syekh Abu
Sya'id Al-Khorroz:
"Di mana ngarasakeun Alloh rek ngajadikeun wali ka abdina, mimitina mukakeun heula Alloh ka manehna kana lawang dzikir. Di mana manehna geus ngarasa ladzat kana eta dzikir, ngabukakeun deui Alloh ka manehna lawang Qurbah. Geus kitu tuluy diunggahkeun deui kana Majlis Unsyi, tegesna tempat nu pikabetaheun. Geus kitu mah tuluy didiukkeun dina kursi Tauhid. Di mana-mana geus kitu, tuluy diasupkeun kana Darol Fardani, tegesna nu nunggeulang tur nunggeuling. Geus kitu mah dibukakeun ka manehna Hijabul Jalal, tegesna mukasyafah ningali kana sifat jalaliyah atawa ka agungan Alloh. Di mana geus ningali kana jalaliyah jeung ka agungan Alloh, mangka tetep manehna, tegesna baqo langgeng musyahadah kana Lahut, tegesna nyicingan dina alam lahut, hartina henteu aya nu dipikainget tur dipikaresep jeung anu ditingali anging Alloh wungkul. Di mana geus kitu, mangka eta si abdi nyicingan dina jaman fana, tegesna ruksak panenjo hatena tina ningali ka lian ti Alloh sarta ngancik dina baqo, tegesna langgeng musyahadah ka Alloh tur bersih atawa salamet tina pangajak nafsuna".


Dawuhan kholid bin Ma'dan:
"Henteu aya hiji abdi anging manehna teh boga panon dua dina beungeutna, bisa nenjo ku dua eta panon kana urusan dunya, jeung dua panon deui dina hatena, bisa nenjo ku eta dua panon kana urusan akherat. Di mana Gusti Alloh ngersakeun ka si abdi
kana hade, mangka ngabukakeun Alloh kana panon duanana si abdi nu aya dina hatena kana perkara anu dijangjikeun ku Alloh, nyaeta bisa ningali kana alam ghoib. Di mana Alloh ngersakeun ka si abdi kana lian ti kitu, mangka Alloh ninggalkeun kana sakumaha asalna".



Ngadawuh Ahmad bin Hadrowiyah:
"Ari hate teh wadah. Di mana pinuh hate ku hak, mangka tembong tambah cahayana hate kana anggahota, kaya manehna resep ibadah. Di mana hate pinuh ku batal, mangka tembong poekna hate kana anggahota, kaya resep ma'syiat".



Ngadawuh Dzunun Al-Mishri:
"Ari beresihna hate dina sajero sajam, eta leuwih utama batan ibadahna jin
jeung manusa".


Di mana-mana kabuktian Malaikat tara asup kana imah anu aya gambaran atawa arca, komo deui moal asup Musyahadatul Haq kana hate anu pinuh ku sifat-sifat lian ti Alloh Ta'ala.

Ngadawuh Wali Agung Abu Hasan Syadzili:
"Sagede siki sasawi tina amalna hate, eta ngabndingan kana misilna gunung,dina amalna anggahota".


***