Thoriqot Tabaruk Jeung Thoriqot Suluk


THORIQOT TABARUK


Ari ngaran Thoriqot Tabaruk teh nyaeta nyokotna perjangjian ti salah sahiji Mursyid, jelasna pisan mah nyaeta:

akhdzul muriidi 'alaa dzikrim ming syaikhi mursyidi

"Nyokotna si murid kana dzikir ti guru mursyid",

karana maksudna nundung poho tina hate anu teuas, jeung ngiparatan pirang-pirang
dosa, jeung sangkan ucul tina pirang-pirang balai, jeung sangkan salamet tina
pirang-pirang warna nu di pikangewa ku syara, jeung sangkan salamet tina kagorengan jeung siksaan, nepi ka bersih hatena, jeung supaya balik si hate nyanghareup kana tempat
anu langgeng nyaeta akherat, jeung supaya renggang tina pirang-pirang tempat kama'siayatan.


THORIQOT SULUK


Ari ngaran Thoriqot Suluk nyaeta:


tahhdziibun nafsi 'anil anwaa'ir rodzaa-il

"Ngabersihkeun nafsu tina pirang-pirang warna nu kalotor",

kucara ngalobakeun riyadoh, seperti lapar, melek, ujlah, tapa, kalawan perantaraan mursyid, supaya unggah kalawan nungtut satahap demi satahap kana makom kasampurnaan.

Ari ngaran suluk ceuk Imam Ghozali mah malah
kieu:

mang tafakkaro fii diinihhi faqod salaka

"Saha-saha jalma anu geus bisa tafakur dina agamana eta oge suluk".


Ari hartina suluk teh leumpang atawa ngambah atawa mapay, nu maksudna mah migawe
ibadah nu di barengan ku dzohir jeung batinna, sangkan meunang karidhoan Alloh swt.


Timbalan Alloh dina Al-Quranul 'Adzim:

faslukii subula robbiki dzululan

"Kudu ngambah maneh dina jalan Pangeran maraneh" (An-Nahli:69)

bari boga rumasa hina, tegesna henteu gumede atawa takabur.

Saha-saha jalma nu neangan karidoan Alloh, tangtu ganjaran ti
Pangeran bakal di pasihkeun ka jalma-jama anu neangan kana karidoan.


Timbalan Alloh dina AlQuran:

wa may yaf'al dzaalikabtighoo-a mardlootillaahhi fasayu-tihhii ajron 'azhiimaa

"Sing saha jalma nu migawe amal karana nyuprih karidoan Alloh, mangka Alloh bakal masihan ganjaran ka eta jalma anu pohara gedena".


***