Jalma Anu Faseq Zindiq Jeung Jalma Anu Sampurna



PASEKNA JALMA ANU MIGAWE SYARE'AT TINGGAL HAKEKAT



Hartina paseq ka jalma nu migawe syare'at tinggal hakekat karana:



likhuluwwi 'ilmihhii 'ang shidqit tawajjuhh

"Suwung elmuna tina bener nyanghareupna hate ka Alloh",


anu eta tawajuh teh bisa ngahalangan kana ma'siat ka Alloh. Jeung suwung elmuna tina ikhlas anu disyaratkeun eta ikhlas teh dina sagala amal.


ZINDIQNA JALMA ANU MIGAWE HAKEKAT TINGGAL SYARE'AT



Jindiqna jalma anu migawe hakekat tinggal syare'at karana:



li-annahhu qo-ilum biljabri

"Manehna gucapkeun anu sifatna Jabariyah",


tegesna kapaksana ku Qudrot Irodatna Alloh anu matak ngahak kana ngaleungitkeun hikmah
jeung pirang-pirang hukum.



BENERNA JALMA ANU NGUMPULKEUN SYARE'AT JEUNG HAKEKAT



Ari benerna jalma anu ngumpulkeun antara syare'at jeung hakekat, nyaeta:



liqiyaamihhii bilhaqiiqoti fii 'aini tamassukihhii bilhaqqi

"Karana geus ngadegkeunana manehna ku eta hakekat dina datiahna nyekel eta ajaran teh kalawan hak".



Dawuhan Syekh Juruqi r.a:

"Ari Tauhid eta 'Arasy. Syare'at anu ngabersihkeun eta
Qursina Arasy".


Ari hakekat anu ngunggulkeun dina nyare'at eta langitna. Ari bagian nafsu eta bumina. Sakur-sakur hakekat anu teu dibarengan syare'at eta henteu rekenan ka jalma-jalma nu migawena. Sakur-sakur syare'at anu teu dibarengan ku hakekat eta teu aya kasampurnaannana.

Ari Hakekat eta 'Arasy. Ari Syare'at eta bumi. Salagi langgeng nyawa dina lauatan tauhid, eta kaya-kaya dina Arsyur-Rohman, tegesna mahlige atawa karaton
Katuhanan.


***