Kawajiban Pikeun Jalma Anu Ingkar Kana Tarekat



MEUNANG INGKAR KANA TAREKAT ASAL TABAHUR HEULA KANA ANU 70 PERKARA



Dawuhan Syekh Mahzumi:

"Saeutik-eutikna kawajiban ka jalma anu ingkar kana tarekat, mangka kudu nganyahokeun heula kana 70 perkara, kakara manehna dimeunangkeun ingkar kana ucapan, pagawean jeung tingkahna ahli tarekat".



Tina sabahagianana, nyaeta:


● Kudu geus teuleum dina nganyahokeun Mu'jijatna Rosululloh Saw.

● Kudu geus nganyahokeun karomat-karomatna para Auliya dina
pangkatna sewang-sewang.

● Kudu geus nekadkeun dina kaimanannana yen para wali teh pewaris para nabi.

● Kudu geus ngamuthola'ah kana kitab-kitab tafsir karangan Ulama Salaf jeung Ulama Kholaf.

● Kudu geus ngamuthola'ah kana kitab-kitab Hadits.

● Kudu geus ngamuthola'ah kana
perbedaan pendapatan Imam-Imam Mujtahidin.

● Kudu geus nganyahokeun kana rahasiah-rahasiah Qur'an jeung Hadits.

● Kudu geus nganyahokeun kana ma'na dhohir jeung ma'na ta'wil sarta syaratna ta'wil.

● Kudu geus nganyahokeun kana elmu lughot, tata bahasa, elmu
majaz jeung elmu ìsti'aroh hingga nepi kacacapna.

● Kudu geus ngamuthola'ah kana pendaptna Ulama Salaf jeung Ulama kholaf dina ngabedakeun ma'na tina ayat khobar jeung ayat 'amar.

● Kudu geus nganyahokeun kana mana dalil anu unggul tinu sejena.

● Kudu geus nyagara
dina elmu 'Ushul.

● Kudu geus nyaho kana elmu kalam jeung kasampurnaan elmu
'aqo'id.

● Kudu geus nganyahokeun kana perbedaan paham ulama ahli tasawwuf, ahli filsafat, ahli 'adab, ahli syareat, ahli tarekat jeung ahli hakekat dina ngabeda-beda ibarat tina
ngajelaskeun masalah tajalli dzatiyah jeung tajalli suri nurutkeun hakekatna tajalli, jeung tina ngajelaskeun naon dzat jeung dawatidzat (anu boga eta dzat).

● Kudu geus nganyahokeun cara kumaha perbedaan ma'fat asma jeung ma'rìfat sifat.

● Kudu geus nganyahokeun kana perbedaan antara hadrot, ahadiyat jeung wahidiyat.

● Kudu geus nganyahokeun kana dhohirna Alloh, bathinna Alloh, azali jeung abad.

● Kudu geus nganyahokeun kana alam ghoib, alam mumkin jeung alam sahadah.

● Kudu geus nganyahokeun kana Su'un anu disebut masi'ah tegesna pangersa Alloh.

Jeung kudu nganyahokeun kana alam masi'ah, tegesna pangersa Alloh.

● Kudu geus nganyahokeun kana alam mahiyah jeung alam hawiyah nalika fana'a.

● Kudu geus nganyahokeun kana sakar (mabok) dina mahabbah.

● Kudu geus bisa ngabedakeun anu sakarna bener jeung jalma anu keur mazdub,tegesna kasedot ku persani gha'ib, hingga nu majdub teh meunang ka murahan dina kalakuan jeung ucapna.

● Kudu geus nganyahokeun kana anu bahong dina nalika keur mazdub.


Sing saha jalma anu henteu nyaho kana maksudna jeung tujuan ahli thoriqot sufiyah, mangka kumaha rek meunangna maranehanna
ingkar atawa anti kana tarekat.


***