Bubuka



MUKADIMAH


Mangka jisim kuring anu banget dlo'if ngahaturkeun kagegelan ka sadaya para ikhwan anu nuju diajar ngambah kana Thoriqot Sufiyyah, terutama Thoriqot Qoodiriyyah Wan Naqsyabandiyyah, supaya ulah kabengbat ku emosina jalma anu pada ingkar kana ayana elmu tarekat anu keur meujeuhna berkembang di seluruh nagara, kaya di Indonesia jeung Singapura, malah aya oge di Australia, anu kawitna mah ti Suryalaya - Tasikmalaya, anu eta ajaran teh kawitna pisan mah ti Sulthon Aoliya, nu katelah Qutubul 'Aqthob Gaosul A'dzom Syaikhul Thoriqotil Qoodiriyyati Maulana Syekh Abdul Qodir Al-Jailani q.s, anu di makomkeunnana di Baghdad.

Anu dimaksud henteu aya lian iwal ti kudu leres-leres ngamalkeunnana sareng nalungtik elmuna, malah mandar sasieureun-sabeunyeureun tiasa kana tambahna kaimanan jeung kayakinan dina nyiar jalan karidhoan Pangeran ku cara
ngamalkeun padzikiran anu di talqinkeun ka urang.


***