Dzikir Teh Kudu Ditalqinkeun



DZIKIR AYA PAEDAHNA MUN DITALQINKEUN KU GURU


Parantos ngadawuh para ahli tasawwuf, yen dzikir moal mere faedah anu sampurna anging kudu di gurukeun heula.

Diriwayatkeun ku Imam Ahmad sareng Imam Thobroni yen ari asal-asalna ayana talqin dzikir teh kawarid tina hadits Kangjeng Nabi saw dina waktos Rosululloh ngabe'at para sahabatna.


Dicarioskeun ku Syaddad bin Aos:

Kaula sarerea keur aya di gedengeun Kangjeng Rosululloh saw. Saur Nabi saw:

hhal fiikum ghoriibuy ya'nii min ahhlil kitaabi? faqultu laa, fa amaro bigholqil baabi, wa qoola irfa'u aydiyakum wa quuluu laa ilaahha illalloohu tsumma qoola alhamdulillaahhi alloohhumma innaka ba'atstanii bihhaadzihhil kalimati wa wa'attanii 'alaihhaal jannata wa innaka laa tukhliful mii'aadi tsumma qoola alaa ubsyiiruu fa innalloohha qod ghofaro lakum

"Naha di maraneh aya jalma-jalma anu ngumbara, tegesna ahli kitab, nyaeta Nasroni atawa Yahudi?".

Ceuk kaula:
"Henteu aya".

Teras Anjeuna miwarang nulakan panto.

Dawuhananna:
"Jarungjungkeun leungeun maraneh kabeh, bari pek ucapkeun ku maraneh kalimah LAA ILAAHA ILLALLOH".

Tidinya teras Anjeuna ngadawuh:
"Alhamdulillah, Nun Gusti Pangeran jisim abdi, sayaktosna Gusti parantos ngutus ka abdi ku ieu kalimah, sareng parantos jangji Gusti ka abdi ku ieu kalimah bakal lebeut ka sawarga, sareng sayaktosna Gusti eta henteu sulaya kana jangji".

Teras Anjeuna ngadawuh deui:
"Heh eling-eling, sing barungah maraneh, saestuna Alloh geus ngahampura ka maraneh kabeh".



Dawuhan Kangjeung Nabi saw:

maa mingqoumin ijtama'uu yadzkuruunalloohha ta'aala laa yuriiduuna dzaalika illaa wajhhahhuu illaa naadaahhum munaadim minas samaa-i quumuu maghfuurol lakum qod buddilat lakum sayyi-atikum hasbanaati

"Teu aya di antara kaum-kaum anu ririungan dalikir ka Alloh Ta'ala bari henteu ngarepkeun maranehananna ku eta dzikir teh anging samata-mata karana Alloh, anging ngundang ka eta kaum nu gegeroan ti luhur langit: Geura
narantung maraneh kabeh tur dihampura maraneh kabeh, sarta digantikeun kagorengan maraneh ku kahadean".


Ngadawuh Alloh Ta'ala:

fastabsyiruu bibai'ikumul ladzii baaya'tum bihhii dzaalika hhuwal fauzul 'azhiimu

"Sing barungah maraneh ku ayana maraneh geus be'at, anu eta be'at teh ngarupakeun kabagjaan anu agung".
(At-Taubat 111)


***