Adegan Tarekat



DIADEGKEUNANA TAREKAT SUFIYAH


Ari diadegkeunnana Thoriqotul Aliyah kana amal eta aya 11 perkara. Anu 8 perkara eta kawarid ti Hadlrotis Syekh 'Abdul Kholiq Fajdawani kalawan make kalimah farisiyah, nyaeta:
1.Husydardum.
2. Nazhorbarqodam.
3. Sapardarwathon.
4. Kholwatdaranjuman.
5. Yadkarod.
6. Bajkasyat.
7. Nakahdasyat.
8. Yaddasyat.

Ari nu 3 deui eta kawarid ti Syaihkhul 'Akbar Assayyid Muhammad Bahauddin Naqsyabandi, nyaeta:
1. Wukufuz Zamani.
2. Wukuful Adadi.
3. Wukuful Qolbi.


HUSYDARDUM
Ari Husydardum nyaeta ngaraksa ambekkan tina poho. Nalika kaluar asupna eta ambekan kudu hatena dzikir ka Alloh, karana sakur ambekan anu kaluar asup dibarengan dina hate bari dzikir ka Alloh eta ambekan hirup tur bisa wusul ka Alloh, sabalikna ambekan anu kaluar asupna dibarengan ku poho, eta ambekan paeh, mangka dipegatkeun ti Alloh, tegesna henteu wusul ka Alloh.

NAZHORBARQODAM
Ari Nazhorbarqodam nyaeta:
Jalma anu keur salik eta wajib ka manehna ulah rek rurat-reret dina paningal hatena anging wungkul ka Alloh.


SAFARDARWATHON
Ari safardarwathon nyaeta:
Kudu pindah tina sifat kamanusaan anu hina kana sifat kamalaikatan nu mulya tur utama.


KHOLWATDARANJUMAN
Ari Kholwatdaranjuman nyaeta:
Kudu bisa nyumput dinu caang, anu maksudna ari hatena si salik eta kudu rasa hadir jeung Pangeran, ari lahir mah jeung papada makhluk.


YADKAROD
Ari Yadkarod nyaeta: Ngalanggengkeun eling dina hate atawa dina lisan.

BAJKASAT
Ari Bajkasat nyaeta:
Kudu balik dina dzikir ka Alloh jeung sagala ibadah kana:


ilaahhii angta maqshuudi wa ridloka mathluubii

"Nun Gusti Pangeran Abdi, ngan Salira Gusti anu diseja ku abdi, sareng karidoan Gusti anu dipamrih ku jisim abdi".


NAKAHDASYAT
Ari Nakahdasyat nyaeta:
Kudu ngajaga si murid kana hatena bisi kaasupan ku khawatir, tegesna kereteg perbawa syetan.


Dawuhan Syeikh Abu Bakar Al-Katani:
"Kaula ngajaga kana panto hate kaula lilana 40 taun, henteu ngabukakeun kaula kana lawang hate di pake ngareret ka lian Alloh nepi ka eta hate henteu nyahoeun salian ma'rifat ka Alloh Ta'ala".


YADDASYAT
Ari Yaddasyat nyaeta:
Madepkeun hate anu ditasarufkeun (disepikeun) tina lafadz-lafadz, dihadepkeun sina musyahadah kana cahaya Dzat Ahadiyah, ngan moal hasil anging kudu saba'dana fana anu sampurna sarta ngancik dina baqo'.


WUKUFUZ ZAMANI
Ari Wukufuz Zamani nyaeta:
Di mana-mana ngaliwat waktu dua jam atawa leuwih kudu ngoreksi kana dirina, naha dina sajeroning dua jam eta eling atawa poho. Lamun eling kudu syukur, lamun poho kudu istighfar.


WUKUFUL ADADI
Ari wukuful Adadi nyaeta:
Kudu ngajaga kana bingbilangan gangsal dina dzikir nafi-itsbat, nyaeta kalimah LA ILAAHA ILLALOOH 3 kali, tegesna narik dzikir tilu kali.


WUKUFUL QOLBI
Ari Wukuful Qolbi nyaeta sakumaha dawuhan Syekh Ubaiduloh Ahror Quddisa Sirruhu: Saenya-enyana Wukuf Qolbi mah nyaeta:
'Ibaarotun 'an huduuril Qolbi ma'alhaqqi subhaanahhu 'ala wajhhil Laa yabqo lilqolbi Maqshuduun ghoirol haqqi subhaanahhu wa laa duhhuunun 'am ma'naa dzikrin

"Ibarat tina hadirna hate babarengan jeung Pangeran swt netepan kana hiji wajhah anu henteu tetep kana hate aya maksud lian Pangeran, jeung heuteu poho si hate tina ma'na dzikir".


***