TATA KRAMA HIJI MURID TAREKAT KA IKHWANA JEUNG KA IKHWANUL MUSLIMIN NU SEJENNA
Dawuhan Kangjeng Nabi saw, anu dikaluarkeun ku Abu Na'im dina Kitab Hilyah:
matsalul ikhwaini matsalul yadaini
"Ari misilna dua ikhwan eta lir ibarat leungeun dua", sok silih beresihan salah sahijina kanu sejena, lir
ibarat leungeun dua nu katuhu jeung nu kenca dina silih belaannana.
Dawuhan Kangjeung Nabi saw:
almu'minu lilmu'mini kalbunyaani yasyuddu ba'dluhhu ba'dlon
"Ari mu'min ka mu'min deui eta lir ibarat hiji adegan imah", sok silih kuatan kana sawarehna deui, kaya pamikul, pangeret, jeung sisiku sok silih kuatan kana adegan nu sejenna.
Ari tata kramana nyaeta:
1. Kudu mikaresep si murid ka ikhwan-ikhwana, saperti mikaresep kana dirina.
2. Kudu uluk salam sarta sasalaman, jeung kudu manis omongan.
3. Kudu bergaul jeung ikhwan-ikhwan kalawan budi parangi anu hade.
4. Kudu tawadlu' ka ikhwan-ikhwan.
Ngadawuh Allah Ta'ala:
"Kudu ngahandapkeun jangjang maneh ka jalma-jalma nu ariman".
5. Kudu menta ridlo ti ikhwan-ikhwan, kudu boga rasa ikhwan nu sejen teh leuwih alus tibatan dirina.
6. Kudu alus sangka ka ikhwan-ikhwan, di mana anjeun ningali kaaeban di batur eta kudu boga rasa yen aeb teh dina diri sorangan, karana:
almuslima mir-atul muslim
"Ari hiji muslim eta eunteungna muslim nu sejena".
7. Kudu narima tina sasadu ikhwan di mana si ikhwan menta dihampura, jeung kudu leuleuy nasehat ka ikhwan-ikhwan maneh.
8. Kudu ngaislahkeun di antara ikhwan-ikhwan di mana hal nu ngajadikeun pacekcokan.
Dawuhan Alloh Ta'ala:
innamal mu-minuuna ikhwatumj fa-ashlihuu baina akhwaikum
"Ari jalma mu'min teh dulur, kusabab kitu kudu ngaislahkeun maraneh kabeh di antara dulur maraneh".
9. Kudu nanyakeun tina ngaran eta ikhwan jeung ngaran bapana, lamun manehna gering kudu ngalongok, lamun maot kudu di layad, karena aya hadits anu diriwayatkeun ku Imam baihaqi:
"Di mana maneh duduluran jeung hiji jalma kudu tanya maneh ngarana jeung ngaran bapana. Lamun manehna nyaba kudu ngajaga tegesna ngadu'akeun bari jaga talingakeun hartana jeung kulawargana. Lamun gering kudu dilongok. Lamun maot kudu dilayad".
***