ASAL MUASALNA THORIQOT QOODIRIYYAH
Anapon ari talqinna para Shahabat mangka ngadawuh Yusuf Al-Kaorani sareng anu sanesna kalawan sanad anu soheh, sayaktosna Sayidina Ali r.a. tumaros ka Kangjeng Nabi saw.
Dawuhan Sayyidina Ali kw:
dullanii 'alaa aqrobith thuruqi ilalloohhi ta'aala wa ashhalihhaa 'alaa 'ibaadihhii wa afdlolihhaa 'indalloohhi ta'aala
"Mugi Gusti kersa nuduhkeun ka abdi kana pangcaket-caketna jalan ka Alloh Ta'ala, sareng anu panggampil-gampilna di amalkeunnana ku pirang-pirang abdina Alloh, sareng pangafdolna mungguh Alloh Ta'ala?".
Mangka ngadawuh Kangjeng Nabi saw:
'alaika bimudaawamati dzikrillaahhi afdlolu maa qultu anaa wan nabiyyuuna ming qoblii laa ilaahha illalloohhu wa law annas samaawaati wal ardliinas sab'i fii kaffatiw wa laa ilaahha illalloohhu fii kaffating larojahhat bihhinna
"Wajib ka anjeun ngadawamkeun dzikir ka Alloh. Ari anu pangutama-utamana nu diucapkeun ku kami jeung para nabi samemeh kami nyaeta LAA ILAAHA ILALOOH, jeung lamun pirang-pirang bumi anu tujuh di teundeun dina hiji cecempeh, tangtu ngunggulan eta kalimah LAA ILAAHA ILALLOH kana langit jeung bumi anu tujuh".
Teras Sayidina Ali karromalloohhu wajhhah tumaros deu ka Kangjeng Nabi saw:
kaifadzkuru yaa rosuululloohh?
"Kumaha ari cara dzikirna, ya Rosululloh?".
Mangka ngadawuh Nabi saw:
ghomidl 'ainaika wasma' minnii tsalaatsa marrootiw wa anaa asma'u
"Peureumkeun panon anjeun duanana, heug kupingkeun ku anjeun ti kami tilu balikan, engke kami anu ngadengekeun".
Teras Kangjeng Nabi saw ngucapkeun LAA ILAAHA ILLALLOH tilu wangsulan bari meureumkeun soca duanana sarta narikkeun soantenna. Ari Sayyidina Ali kw anu ngupingkeunana.
Ba'da kitu teras Sayyidina Ali kw maos LA ILAHA ILLALLOH sapertos Kangjeng Nabi. Ari Kangjeng Nabi eta nu ngarungukeun.
Tah ieu tarekat anu dinisbatkeun ka Sayyidina Ali kw, anu dinamian Thoriqot 'Aliyyah, anu ayeuna disebat Thoriqot Qoodiriyyah dina cara prak-prakkannana talqin Dzikir.
***
ASAL MUASALNA THORIQOT NAQSYABANDIYYAH
Anapon ari nisbat bathin dina talqin dzikir nu bangsa hate eta mah ku kalimah isbat wungkul, henteu make kalimah nafi, karana dawuhan Alloh Ta'ala:
qulillaahhu tsumma dzarhhum fii khoudlihhim yal'abuuna
"Pek ucapkeun ku maneh jenengan Alloh dina hate maneh, tuluy tinggal ku maneh jalma-jalma anu dina ririungannana maranehannana estu heuheureuyan kabeh".
(Al-An'am 91)
Tegesna anu sifatna eta kaom henteu eling ka Alloh ta'ala.
Pangna kitu lantaran ka bengbat ku pangaruh dunya jeung bangsana.
Dawuhan Kanjeng Nabi saw ka baginda Ali kw:
yaa 'alii, ighmidl 'ainaika walshiq sya'baka wa a'li lisaanaka wa qul alloohhu-alloohh
"Heh Ali, peureumkeun panon anjeun duanana, sarta rapetkeun bibir anjeun duanana, sarta tikelkeun letah anjeun, jeung pek ucapkeun ku anjeun kalimah: Allohu-Alloh".
Tah ieu nisbat Siddiqiyah, tegesna tarekat Sayyidina Abu Bakar Siddiq r.a, anu ayeuna mah dinamian Thoriqot Naqsyabandiyyah, tegesna tarekat sayyidina Abu Bakar ra anu kenging nyandak ti Kangjeng Nabi Muhammad saw, tegesna tarekat bangsa batin, nyaeta tarekat dzikir anu tetep renggenek dina manahna Sayyidina Abu Bakar ra, sakumaha anu didawuhkeun ku Kangjeng Nabi saw:
"Henteu ngungkulan ka maraneh kabeh Abu Bakar ku sabab loba puasana jeung henteu ngungkulan ka maraneh kabeh ku sabab loba sholatna, balik ngungkulan teh ku sabab aya hiji perkara anu tetep renggenek dina hatena (dzikir khofi)".
Ngadawuh Gusti Alloh Ta'ala:
walladziina aamanuu wa tathma-innu quluubuhhumu bidzikrillaahhi alaa bidzikrillaahhi tathma-innul quluuba
"Ari jalma-jalma nu ariman eta sok nganteungkeun hatena eling dzikir ka Alloh. Inget, ku ayana eling dzikir ka Alloh bakal anteng hatena".
(Ar-Ro'du 28).
Jeung nyata sakabeh tarekat nu Mu'tabaroh eta kabeh nganisbat kana tarekat Jahar (Qoodiriyyah) jeung tarekat Khofi (Naqsyabandiyyah), anu eta nu dua teh jadi asalna tina sakabeh tarekat, sarta anu dua ieu aya dina Rahmaniyyah Alloh Ta'ala.
***