Ancaman Ka Jalma Anu Anti Kana Tarekat


DIPIKASIEUN PIKEUN JALMA ANU ANTI KANA TAREKAT PAEHNA SU-UL KHOTIMAH

Kanyahokeun ku anjeun, saenya-enyana ingkar atawa anti ka gegeden tasawwuf jeung kana tarekat anu luhur saperti Qoodiriyyah Wan Naqsyabandiyyah jeung lian-liana anu ngajawuhan tina bid'ah mardud, khusus ka ahli elmu anu mangfaat, jeung ka ahli amal anu luhur, oge ka ahli ma'rifat jeung ka ahli Asror, jeung ka ahli mukasyafah anu soheh, ka ahli nu geus yakin dina ma'rifatna, oge ka jalma nu keur diajar dina elmu Thoriqot Sufiyyah, tah eta ingkar teh ngarupakeun baruwang nu matak maehan jeung
nyilakakeun nu pohara gedena, malah geus datang ancaman nu kacida bangetna, tegesna matak pikareuwaseun, jeung ingkar eta teh ciri wancina jalma nu geus malieus hatena ti Alloh, anu di pinuhan hatena ku panyakit hasud, thoma jeung kadedemes, sieun beakeun murid, sieun beakeun alas. Malah dipikasieun pisan keur
jalma nu ingkar teh maotna su-ul khotimah, tegesna maot henteu iman ka Alloh, ngan kabiasaannana henteu pati-pati kaluar panyacian atawa pamoyokan ka ahli tarekat teh anging ti sawarehna ahli fiqih nu lalawora, tegesna sundek.



Dawuhan Al-'Arif Abdul Ghoni Anna Balasi:

"Geus jadi kabiasaan ahli fiqih dina tiap-tiap jaman sok ngoreksi kana kacacadan jalma-jalma anu ditoropong tina jihad hukum sara', anu maranehannana tara make ta'wil heula, pedah teu kapanggih masalahna, atawa pedah sulaya jeung kanyahona, padahal
kenging ka manehna na'wilan ku sarebu ta'wil, balik ta terus wae ingkar, nepi ka ingkarna teh tungtungna kana pokona tarekat jeung ka jalma-jalma anu ngamalkeun tarekat, malah kum we ka sakabehna ahli tarekat dianggap salah, tah eta kalakuan kitu teh pagawean jalma-jalma nu pifiqihan, anu panatik, anu barodo, lain anu jetu, nyaeta ahli fiqih nu lalawora, nu maksud kitu teh keur ngahasilkeun tujuan hayang tenar, hayang sohor, ngarah kasebut ahli elmu, ahli fiqih, ngarah meunang kaagungan, anu eta tujuan teh iwal perbuatan syetan, anu estu wungkul hayang ngalaksanakeun kapuasan nafsu, demi keur kaagungan dirina. Dina pikirannana jeung daya ciptana wungkul mulitik kagorengan batur tanpa dicek heula. Dimana manehna geus hasil maksudna, geus bisa ngadobrak ku hiji aturan-aturan naon bae-nepi ka eta nu dibenci eleh, boh hujahna atawa eureun tina pagaweannana, tegesna eureun tina amalna anu sakumaha biasana, mangka pada barungah maranehna lir ibarat bungahna jalma-jalma nu geus ngamilik kana dunya, tegesna menang duit gede kalawan bungah anu kacida. Lamun maranehannana nenjo
atawa nyaho kaalusan-kaalusan ti jalma anu dibencina, cara ti ahli Kamil (jalma anu sampurna) sumawona lamun ti ahli tarekat, gura-giru disidem disumputkeun. Tapi lamun nenjo atawa ngadenge aya kagorengannana, gura-giru diuar-uar. Henteu aya keur maranehna teh iwal nareangan kapelesedna jalma, lain hayang ngomean tina kapelesedna iwal ti ingkar atawa nyaci anu kacida bangetna, khususna nyaci ka ahli kamil atawa ka ahli tarekat anu keur khussu, atawa ka ahli ibadah anu sok ngalakonan padzikiran, tah eta jalma anu ingkar sarupa kitu teh jalma sasar tur nyasarkeun.



Dawuhan Syaikhul Islam Al-mahzumi:

"Henteu meunang ka salah sahiji ti
para Ulama ingkar atawa benci kana tasawwuf anging manehna kudu geus ngambah heula kana tarekatna jeung geus nenjo kana pagaweannana, tur eta pagawean teh sulaya tina Qur'an jeung tina Hadits, jeung tina kaul Ulama Salaf, tegesna mujtahid. Ari sakadar beja atawa denge-denge tere mah, jeung sangkaan atawa beja-beja bohong ti saliwat jalan, atawa jijieunan, henteu meunang ingkar, benci atawa moyok pikeun maranehana ka ahli tarekat kalawan sagawayah".


***