Hukumna Asup Kana Tarekat



FARDHU 'AIN HUKUMNA PIKEUN JALMA ASUP KANA THORIQOT SUFIYAH



Ieu pasal nerangkeun hukumna asup kana thoriqot Sufiyah.



Dawuhan Imam Ghozali ra:

"Asup dina thoriqot Sufiyah hukumna fardhu
'ain, boh ka lalaki atawa ka awewe, karana henteu suwung salah sahiji manusa tina kacacadan atawa gering hatena, saperti ujub atawa
thoma, takabur, riya jeung sajabana, anging para nabi".



Dawuhan Imam Syadzili ra:

mal lam yatagholghol fii 'ilminaa hhaadzaa maata mushirron 'alal kabaa-iri wa hhuwa laa yasy'uru wa haitsu kaana fardlu 'ainiy yajibus safaru ilaa may yakhdzuhhu 'anhhu idzaa 'arofa bittarbiyati wasytahharod dawaa-u 'alaa yaddihhii wa-in khoolafa waalidaihhi

"Saha jalma anu henteu asup dina elmu kaula, nyaeta thoriqot sufiyyah ieu, mangka paehna eta jalma sarua jeung ngalanggengkeun dosa gede, bari manehna henteu nyaho yen fardu 'aen hukumna wajib indit neangan jalma nu mere be'at ka manehna dimana manehna geus nyaho kana Syekh Tarbiyah, tegesna guru nu ngadidik mere ajaran tarekat, jeung geus mashur obatna dina panangannana, sanajan eta
jalma nu rek ngalap tarekat teh dicaram ku indung atawa ku bapana".



Katerangan nu nyarioskeun eta teh lain saurang bae, malah seueur deui, sapartos syekh Balali jeung Sanusi sareng nu sanesna.



Dawuhan sapalihna ahli ma'rifat:

mal lam yakul lahhu nashiibum min hhaadzaa 'ilmil baathini akhoofu 'alaihhi ming suu-il khootimah

"Saha-saha jalma nu henteu boga bagian tina ieu elmu bathin, tegesna elmu thoriqot Sufiyyah, mangka mikasieun kaula ka eta jalma teh tina tumiba waktu paehna su-ul khotimah, ya'ni goreng pangnuntung".



Sakabeh ahli tarekat geus rempug ngawajibkeun ka manusa-manusa kudu ngalap kahiji guru nu mere pituduh kamanehna pikeun ngaleungitkeun kana pirang-pirang sifat anu matak ngahalangan ka manehna tina ma'rifat ka hadrot Alloh ku hatena, tegesna elingna hate ka Alloh, supaya sah hadirna hate jeung khusuna dina pirang-pirang ibadah.

Tah eta teh kaasup kana bab henteu sampurna wajib anging kudu ku eta perkara - cara didieu henteu khusu dina sholat anging kudu elingna hate - sedengkeun moal bisa hasil elingna hate anging kudu guguru heula ka ahlina. Jadi atuh ngalap guru teh hukumna wajib.



Dawuhan Sayyidi Syekh Abdul Qodir Al-Jailani qs:

fal waajibu 'alal ingsaani tholaabu hayaatil qolbil ukhrowii min ahhlit talqiini fid dunyaa qobla fawtil waqti, fa-inad dunyaa mazro'atul aakhiroti, wa mal lam yazro' fid dunyaa lam yahshud fil aakhiroh.

"Mangka wajib ka manusa-manusa neangan ka hirupan hate bangsa ka akheratan ti ahli Talqin di dunya samemeh beak waktu - tegesna maot, sabab saenya-enyana ari dunya teh eunteungna akherat. Jeung jalma anu henteu melak di dunyana tangtu moal panen di akheratna".



Dawuhan Wahab Sya'roni ra:

tholabusy syaikhi fith thoriqi waajibun 'alaa kulli muriidiw wa law min akaabiril 'ulamaa-i anna kulla mal lam yattakhidz lahhuu syaikhoy yursyiduhhu ilal khuruji 'an hhaadzihhish shifaati fahhuwa 'aashil lillaahhi wa lirosuulihhi li-annahhuu laa yahhtadii lithoriiqotil 'alaaji wa law takallafa laa yamfa'u bighoiri syaikhiw wa law hafizho alfa kitaabi

"Neangan guru dina tarekat eta wajib ka tiap-tiap murid, sanajan gegeden ulama, karana saenyana sakur-sakur jalma anu henteu ngalap dzikir ti guru mursyid anu ngaluarkeun tina sifat-sifat nu di cacad, mangka eta jalma geus ma'siyat ka Alloh jeung ka Rosulna, sabab manehna moal meunang hidayah kana jalan nambaan eta panyakit hate, najan bari maksa, tetep moal mangfaat lamun tanpa guru, sanajan manehna katalar 1000 kitab".
(Kitab Risalatul Qudsiyyah).


***